Rabu, 15 Juni 2011

materi b.sunda kelas 8 semester 2

1.      WAWACAN
Wangun carita nu dianggit ngagunakeun patokan pupuh
v  Tina sastra islam
Wawacan Sarebu Wengi = R.H.M MUSA
Wawacan Angling Darma = R.A.A MARTANEGARA
Wawacan Batara Rama = R.A.A MARTANEGARA
v  Tina dongeng
Wawacan Lenggang Kancana = Tubagus Jaya Dilaga
Wawacan Purnama Alam = Rd Suriadireja
Wawacan Panji Wulung = R.H.M MUSA
v  Tina Carita pantun
Wawacan Lutung Kasarung = Engkawijaya
Wawacan Mundinglaya = M.A SALMUN
Wawacan Ciung Wanara = M.A SALMUN
v  Tina carita Babad
Wawacan Babad Cirebon = R.H.M RAIS
Wawacan Babad Sumedang = R.A.A MARTANEGARA
Wawacan Babad Dipati Imbanagara = M.K Harja Kusumah
Wawacan Babad Majapait = Kadir Tisna Sudjana
v  Gambaran kahirupan masyarakat
Wawacan Rusiah nu kasep = R.H Siti Hodijah Mahtum
Wawacan Secanala = R.H.M MUSA
Wawacan ALI MUHTAR = R.H.M MUSA
Wawacan Rusiah nu Geulis = Candrapraja

2.       ESAY
Karangan pondok dina wangun lancaran (prosa), ngadiskusikeun hiji pasualan, midangkeun pamadegan, atawa ngajak balarea narima buah pikiran panulisna, jejerna mah ngeunaan nao wae.
1)       - STRUKTUR MANDU ACARA
1.       BUBUKA
2.       BIANTARA EUSI
3.       BIANTARA PANUTUP
-          HAL2 nu diperhatikeun ku nu mandu acara :
*       Busana
*       Waktu lumangsungna acara
*       Volume sora
*       Basa nu dipake
*       Sikep
*       Ngatur acara
*       Nutup acara
*       Acara tambahan
2)      WAWANGSALAN
Diwangun ku dua padalisan,tiap padalisan diwangun ku 8 engang.
3)      ARGUMENTASI
Eusina ngajentrakeun hiji perkara dumasar kana faktu tur alesan nu kuat sarta logis, nepika nu macana kapangaruhan pikeun milampah hiji pagawean.
4)      Istilah Geograpi :
a)      Patali jeung alam di darat: ( sageja)
     Sampalan : bagian leuweung mangrupa lapangan nu aya jukutan.
     Geger        : bagian tonggong gunung nu manjang
      Jalan jajahan  : jalan satapak
b)      Patali jeung alam di laut:
     Supitan     : laut leutik diantara 2 daratan
     Bungin      : pulo leutik di muhara
     Jojontor    : daratan anu ngajorok ka laut
c)       Patali jeung alam di langit:
     Katumbiri : cahaya nu melengkung warna warni
     Gelap        : guruh atawa sora euweuhan niu tarik lantaran ngeserna udara dibarengan
                    Ku kilat
     Kingkilaban : kilat di tempat nu jauh nepika teu kadenge sorana
5)      Kalimah Parentah
1)      Kalimah panitah
-          Endul, launan atuh radiona !
-          Punten pa, ningal karcisna
2)      Kalimah pangajak
-          Heri, hayu urang sakola bisi kebeurangan!
-          Mangga atuh sasarengan, sareng abdi!
3)      Kalimah pangharepan
-          Hayang teh gera liburan, rek ulin ka singapur
-          Muga-muga harepan urang tinekanan
4)      Kalimah panyaram
-          Teu meunang miceun runtah di dieu!
-          Ulah ngalamun di lawang panto, diah!
5)      Kalimah pangwadi
-          Hadena mah ulah waka rea omong
-          Mun ganti atuh baju teh, Nita!
6)      Kalimah pangjurung
-          Burukeun mandina, Rudi!
-          Gancang leumpangna bisi kabeurangan!
7)      Kalimah panggeuri
-          Cing atuh, abdi pasihan, Gan!
-          Hih, atuh ujang, sing sabar weh!
6)      Sistematika nulis laporan
Judul/Tema kagiatan
Hal-hal nu di tepikeun
1.       Tujuan
2.       Waktu jeung lokasi nu dituju
3.       Pamilon (peserta)
4.       Sarana pangrojong
5.       Lumangsungna kagiatan
7)      Warna kecap
*      Kecap panganteb : bae,deui,teh,wae,atuh,mah,geuning,pisan
*      Kecap panganteur: dut hitut, blug labuh, bray caang, reup pareum, gek diuk, ckikik seuri
8)      Nulis surat
Wangun surat pribadi :
-          Titimangsa surat
-          Tujulna surat
-          Salam bubuka
-          Eusi surat
-          Sala panutup
-          Tanda tangan

1 komentar:

Cerpen Cerpen mengatakan...

Naha teh aya b.inggris na?

Posting Komentar